5 Contoh Teks Panata Acara Bahasa Sunda

Raihan Akbar/ Muri Setiawan/ Net Lintasbabel.iNews.id
5 contoh teks panata acara Bahasa Sunda. Foto: Net.

2. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Perpisahan Sekolah

Wilujeng enjing!

Hadirin anu masih di luar gedung, dihaturanan mangga lebet teras nyalikan korsi nu tos disadiakeun panitia.

Oge murid kelas 9 mangga kalebet teras nyalikan tempat nu tos disadiakeun ku panitia. Hayu urang mulai ieu acara.

Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Alhamdulillahirabbil Alamin wabihi nasta’in ala umuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.

Hadirin, hayu urang ngucapkeun puji sareng syukur ka hadirat gusti nu maha suci nu parantos nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina acara paturay tineung murid kelas 9 SMP Islamiyah Cigalontang.

Sholawat sareng salam mugia salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta habibana wanabiyana Muhammad SAW,kulawarga,sohabat,para ulama,oge urang salaku umatna nu mudah-mudahan iman, islam, ikhsan dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin, aya istilah “tak kenal maka tak sayang” ceunah. Kumargi kitu, nepangkeun nami abdi Yislam Al-Khoir salaku MC bade ngaoskeun runtuyan acara poe ayeuna nyaeta:

1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
3. Do’a
4. Sambutan
5. Hiburan
6. Aosan Puisi perpisahan ti perwakilan kelas 9
7. Serah tarima cinderamata
8. Serah tarima ijazah
9. Panutup

Hadirin, hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah sami-sami. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Salajengna aosan ayat suci Al-Qur’an diserahkeun ka petugas.

Editor : Muri Setiawan

Halaman Selanjutnya
Halaman : 1 2 3 4 5

Bagikan Artikel Ini
Konten di bawah ini disajikan oleh Advertiser. Jurnalis iNews Network tidak terlibat dalam materi konten ini.
News Update
Kanal
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
MNC Portal
Live TV
MNC Network