4. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Maulid Nabi
Bismillaahirrahmaanirrahiim
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin,
Langkung utama hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana sahingga tiasa ngahadiran ieu acara dina raraga Maulid Nabi.
Sholawat tur salam mudah-mudahan salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta Nabi urang, Rasulullah Muhammad SAW, oge ka kulawarga, para sohabat, ulama, sareng urang saku umatna. Aamiin.
Hadirin,
Alhamdulillah dina tiap taunna urang tiasa ngarayakeun Maulid Nabi urang sadayana. Peringatan ieu teh penting sangkan urang sadayana emut terus kana sosok anu berjasa ka urang sadayana meskipun teu pernah tepang oge.
Oh, punten hilap. Nepangkeun wasta abdi Azam Muhaimin salaku MC acara ieu nu bakal nyebutkeun runtutan acara ti awal dugi ka akhir, nyaeta:
1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
3. Do’a
4. Sambutan
5. Penampilan murangkalih kahiji
6. Hiburan qosidah
7. Penampilan murangkalih kadua
8. Hiburan tarian
9. Panutup
Hadirin, tah eta rangkaian acara ti payun dugi ka akhir ieu acara Maulid Nabi. Hayu urang buka sami-sami ieu acara ku maos bismillah:
Bismillaahirrahmaanirrahiim.
Salajengna nyaeta aosan ayat suci Al-Qur’an nu bakal diaoskeun ku Ibu Ustadzah Masitoh, mangga waktu sareng tempatna dihaturanan.
Editor : Muri Setiawan
Artikel Terkait