5 Contoh Teks Panata Acara Bahasa Sunda
Senin, 29 Januari 2024 | 17:59 WIB

Wilujeng sonten, sadayana.
Ibu sareng bapak ti Syaqila Asma Husni nu ku simkuring dipihormat,Neng Syaqila Asma Husni nu ku urang sadayana dipikadedeuh, oge sadayana rerencangan Neng Syaqila.
Hatur nuhun parantos tiasa hadir ka acara ulang taun Neng Syaqila. Nepangkeun nami abdi Ujang Falah, MC ieu acara nu bakal nyebutan runtuyan acara nyaeta:
1. Bubuka
2. Do’a
3. Sambutan orang tua
4. Niup lilin
5. Pembagian kue
6. Hiburan
Panutup
Tah, eta hadirin sadayana rangkaian acara ulang taun Neng Syaqila. Hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah.
Bismillaahirrahmaanirrahiim.
Salajengna do’a bakal dipimpin ku Pak Ustadz. Mangga, Pak dihaturanan waktu sareng tempatna kanggo mimpin do’a.
Editor : Muri Setiawan